AS Sudjatna; Yogyakarta
ANGIN PEUTING
kamana wae atuh nebakna angin peuting teh
meni leuir taya hibarna
naha masih ngahiliwir
atawa geus taya iberna
boa-boa geus palastra
kasered ku ombak jaman
yk, 20 sep 07
Beja ti jogjakarta
Jigana di ieu wewengkon kuring bakal narik jangkar
Ngan duka iraha
Jigana di ieu wewengkon kuring bakal beber layar
Ngan duka iraha
Tapi kuring yakin, yen hirup pasti jeung huripna
4-12-07
BEJA KEUR ANGIN PEUTING
Angin peuting
Pang bejakeun ka mangsa nu geus niruk jajantung kuring
Yen katiga mo salawasna
Yen ngijih aya eureunna
Pang bejakeun ku anjeun, yen nu kungsi ceurik di masigit geus lila lunta
Aprakan-aprakan neangan hatena nu leungit peuting harita
Pang bejakeun ku anjeun
Yen kelemengna cahaya geus kokolebatan
Yen srangenge ampir meletek
Ngan duka iraha carangcang tihang bakal datangna
Wanci nu jadi ciri yen panon poe bakal nyinaran hate
Angin peuting batur kuring
Batur simpe nu ngajengjehe na tiap hate
Anjeun nu jadi saksi satiap nu ngabangingik na tiap juru peuting
Anjeun nu nyakseni antebna teuteup maneuh nu keur deudeuh
Ngan hanjakal
Kuring geus lawas aprak-aprakan
Neangan hate nu leungit peuting harita
Prak lumampah angin peuting
Raga badag meunang ruksak
Raga badag meunang beak
Ngan kahade nitip hate
Kudu nyacas salawasna
Yogyakarta, 04-12-2007
CIPASUNG I
Nyingraykeun lalangse hirup
Na ngaran anjeun nu nyambuangkeun hurip
Najan sakapeung mah kasered owah
gingsir
Tapi teu burung balabuh deui
Di muara-muara nu tangtu
Na tapakan sajarah anjeun
Jongjon nasrip sesa hirup
Bari pinuh kupangharepan
Mugia waluya salalawasna
Ngabukbak sajatining diri na dada
anjeun
Taya paguneman dina catur tanpa bukur
Wungkul pinuh ku milang renghapan
Nu kudu terus dilakonan lain na
kalalaworaan
Duka,
Duka iraha kuring mulang tarima
Sabab masih aprak-aprakan
Neangan hate nu leungit
Nu geus lila ngalahgar tina cimata
Ngan tangtu teu kendat neda pang du’a
Mugia tapak lacak nu pinuh ku lalawora
Bisa diseuseuh
Na eunteung diri anjeun
Nu hirup jeung huripna
Nangtung na jalan balungbang timur
salawasna
Cipasung 21-feb-03
0 comments:
Post a Comment