Friday, October 26, 2007

Sajak ; Zaky Mubarok

Tasikmalaya

simpe
lalaunan hate beuki simpe
kabeh carita geus dibawa
kulengkah batur batur anu laleungitan
basa layung dina lahunan mega tibra

reup
panon poe moal jalir
tasikmalaya bakal poek di tungtung layung
jeung bakal nyesakeun carita anu ngumbar cimata

ayuena tinggal kuring
di tungtung poe anu angkueb poek
kakasih, sobat geus balik sewang sewang
tapi kuring tue bisa indit
sabab tasikmalaya kapatri na ati

hanjakal kabeh teu bisa ditolak
kuring tetep kudu indit
saacan bulan datang jeung bentang
wayahna urang paturay

pasar baru, 19 mei 2004

Purnama Opatwelas

(keur Siti Rahma)

ningali rupa bulan tengah peuting
ngingetan wanci anu kungsi kalunta
cicing jempling
mempende ati nu tunggara
; anjeun duka di mana

lalaunan
lambaran mangsa pating jorelat
mang pirang pirang carita tingbelesat
nyimatakeun sumoreang
tina sakabeh kamelang

naha iraha urang bisa patepang
;teu kuat nahan tibelat
ngan anjeun ilang paanggang

ciputat, 7 april 2007

Yap kadieu

yap kadieu cinta
urang ningali balong
anu pinuh ku bentang
yap, yap kadieu

di dieu aya cikopi jeung bala bala
keur nguseup,
cenahmah hayang katumbiri
jeung layung, susuganan ngait

yap, yap kadieu
urang mapay mapay galeng
nenjoan sawah anu keur tibra
bari ngais kanyeri lemah cai

yap kadieu cinta
di dieu aya keneh sapiring kaheman anu nyesa
urut barudak
basa keur perang poe kamari

yap, yap kadieu
tuh geura
aya mega mawa kembang ros
bangun beuruem
euleuh itu
itu geura

yap, yap kadieu
aya angin keur lulumpatan
bari mawa beja
aya anu keur katresna

cipasung, 2 Januari 2004

Ibun Janari

ibun janari
datak nginclik rebunrebun
nyorang srangenge waktu batur sare
ibun janari
pang bejakeun asih kula ka kembang ros
sabab kula ngan angin peuting
ngahiliwir nebak ros
trus nenjrag tepis wiring
teu puguh jentulna
ibun janari
ciri wanci bakal ganti
silih angin peuting ku srangenge

ciputat, 28 Oktober 2007

0 comments: